Jumat, 25 Juli 2008

Ibu Hapunten

Ibu hapunten.

Katinggal keneh ibu gugupay dina panto,
“Moal nganteurkeun kaluar nya, hujan” ibu nyium pipi , cisoca ngeyembeng , kitu deui kuring. Teu kawasa ngantunkeun ibu nu katinggali beuki sepuh wae. Salirana tos ringkih . sababaraha thn iyeu Ibu sering teu damangan .yuswana tos langkung ti 97 thn.

Bulak balik ka sSukabumi , ningalkeun salaki ,barudak nu kuliah keneh,incu2 anu lalucu di Jakarta. geus teu cape deui.,kumaha atuh da kawajiban ,jeung saha deui anu salse atuh.nu sejen mah sakitu sibuk ku tugas2 organisasi,pagawean kantor jeung sajabana.
Nyarengan ibu kadokter ,nungguan ibu dirumah sakit,mangmasakeun katuangan kasedepna.

Sakapeung sok bingung antara salaki jeung indung ,salaki oge tos katingali ririwit,panyawat gulana katingali langkung parah. Nya eta atuh ,ibu di sukabumi sok nelpon wae , teu kaop aya nukaraos.
Mugi2 mah katampi ku ibu bakti abdi.

Ayeuna mah dina umur sakieu kolotna ,karaos geuning teu gampil ngurus budak teh
Padahal mung lima komo ibu mah 10urang putra teh,
Hapunten bu upami kapungkur sok nyesahkeun,sok judes, sok pikamelangeun
Hapunten upami kapungkur sok pundung,sok teu nurut

Hapunten upami dipiwarang ngagosokan tonggong sok ngan sakedap
Atuda kumaha pan landongna mani nyereng.
Tapi pan sok mangguntingkeun kuku mangkaning sakitu tueasna
Hapunten upami dicaram nonton jeung budak hideung tea sok keukeuh.

Mugi mugi Ibu ayeuna aya dikalanggengan,
KU GUSTI ALLAH dipasihan tempat anu teu aya celana
Dipasihan kanikmatan nu teu aya bandingannana
Dihapunten sagala kalepatan salami ibu aya di dunya.,amin.
Juli 17 08.

Tidak ada komentar: